27 Agustus 2009

Prasyarat Janten Pamingpin di Tatar Parahyangan

Prasyarat Janten Pamingpin di Tatar Parahyangan
haturan seratan sederhana sim kuring,
pun andrie k wardana






Wanci sareupna tos ngahayohkeun ka papada manusa pikeun areunteup di padumukanna sewang-sewangan. Komo deui dina sasih shaum mah tangtos mayunan waktos adzan magrib teh meni asa haduace alias harap-harap ceumas ceunah. Margina naon?.... eta kolek cau sareng candil pleus es goyobod parantos sayogi dina meja kantun disikat eh diseepkeun, dipiceun kana genggerong dina mangsana allohumma lakasumtu wabikaa amantu

gambar dicandak ti http://adlewys.blogspot.com/2008/01/kujang-gold.html

Alhamdulillah, ngabatalan dinten kalima ieu tiasa lancar, ku cai herang dua gelas sareng lampiranna kolek sabekong, aya cangkalengna, huina oge cauna.. kumplit teras dilajengkeun kana netepan magrib kaleresan di wewengkon rambut kasih, ngiring di bumina klien eh klayen pun bojo. Margi pun bojo gaduh hobbi sareng bakat ngawulang, khususna bahasa inggris secara privat. Janten rengse ngantor teh teras wae ngajugjug ka hiji lembur henteu karasa capena sabab aya nu diteang, nu tangtos sanes mawar bodas tapi 2F nyaeta fuas dan fulus… kepuasan menyalurkan hobby sareng kenging fulus alias artosssss.

Rengse netepan magrib, teu kabujeng neda dan dibumi nu sanes, teras we amitan ngabujeng ka wewengkon cimahi utara, jalan cihanjuang mengkol ka katuhu bras na ka perumahan sariwangi parongpong kabupatian bandung barat anu disingket kabebe. Seja ngalayad ka pun uwa, jalaran dina wanci siang tadi putrana, jenengan kang adi, tilar dunya, ngantunkeun dina yuswa 44 taun kumargi teu damang wales. Sadugina ka bumi pun uwa, tangtos rasa kasedih meuni minuhan dada, kalawan dareuda nyanggakeun bela sungkawa oge salam baktos ti pun biang sarengpun bapa nu teu tiasa hadir jalaran linggihna tebih di lembur singkur anu rada sesah kamana-mana upami ngadadak mah.

Allohummagfirlahu warhamhu waafihi wa’fuanhu…. Sareng salajengna, mugia ditampi iman islamna, di caangkeun di kuburna tur tawakal kanggo kulawargi anu dikantunkeunnana. Saatos rengse ngadu’a, pun uwa seja cumarios tur ngabekelan hiji wacana anu leubeut ku elmu panemu khususna dikaitkeun sareng fenomena proses lahirna pamingpin dimana-man, wabil khusus di tatar sunda atanapi priangan tea. Mantenna ngadugikeun wirehna aya prasarat anu utama pikeun bekel atanapi modal kanggo sukses janten pamingpin di tatar priangan ieu, nyaeta :

Kahiji, nyunda. Tangtos ngarupikeun syarat nu utami wirehna pamingpin di tatar priangan kedah ngartos, kedah tiasa ngalenyepan sagala rupi jiwa kasundaan tur tiasa ebreh dina rengkak paripolah oge wawasan kasundaannanan. Sanes mung saukur cariosan naming langkung anteb panginten diaplikasikeun dina kawijakan-kawijakan anu berpihak tur sumanget kasundaan.

Nu kadua, nyakola. Tah ieu sanes hartosna kedah es hiji, es dua, es tilu komo es lilin mah tapi nu pangpentingna nyaeta nyakola dina tata krama, sopan santun ki sunda anu someah, handap asor tur seuer deui pasipatan ki sunda anu pinunjul komo deui upami emang pendidikan formalna oge manteff eh mantap..

Katilu, nyantri. Ieu tangtos janten syarat supados calon pamingpin teh masagi antawis hubungan sareng sasama oge hubungan ka Allah Subhanahu Wataala (hablumminallah), anu dilarapkeun dina aktivitas sadidinten, kalebet oge salah sawios prinsip yen damel anu dlakonan sadidinten ngarupikeun bagian tina ibadah kalebet janten pelayan kanggo rahayat anu dipingpinna.

Kaopat, nyantika, nyaeta hiji tingkah laku anu responsive, cepat tanggap dina mayunan sagala rupi persoalan anu tumiba ka rahayatna. Margi pamingpin mah aya prinsip : “do or not to do, it is policy” (dikerjakeun atanapi henteu dikerjakeun, eta tetep kebijakan ti pamingpin).

Kalima, nyantana, nyaeta merakyat, heunteu calik dina kosi kakuasaan wae tapi lungsur ka masyarakat langsung, nyerep tur ngupingkeun kaguligahan rahayat secara langsung tur teu ngamenak tapi istuning berbaur sareng sagala strata masyarakat.

Kagenep. Nyomah, hartosna sering silaturahim, manjangkeun baraya, nyemah ka bumi rahayatna, dialog atanapi nampi curhat ti masyarakatna.

Katujuh, nyeni budaya. Nu ieu tangtos ngarupikeun syarat mutlak kanggo pamingpin di tatar priangan. Sakumaha kauninga tatar priangan ngagaduhan asset seni budaya anu kacida seueurna, oge jenis sareng corakna tergantung tna budaya local anu mangaruhannana.

Kadalapan, nyaah. Pamungkas nyaeta nyaah tea, pamingpin di tatar priangan kedah nyaah ka rahayatna, nyaah ka aparatna oge nyaah kana asset wilayahna nu sadayana di sinergiskeun supados rasa nyaah ieu walatra tur abadi.

Dalapan prasarat pamingpin parantos kadugikeun, sim kuring amit mundur pamitan ka pun uwa, tur gasik ngabujeng ka jalan amir Mahmud nyaeta maksad teh hoyong tuang di bumi tuang alias rumah makan Ampera Cimahi. Alhamdulilah pamaksadan teh kalaksana tiasa tuang di Ampera, mung hanjakal asa dirurusuh margi tos bade tutup. Pas ningal kana arloji… euleuh geuning tos tabuh salapan wengi, paingan atuh rumah makan teh tos persiapan bade tutup. Tapi da teras we barang tuang dugi ka seepna, mayar teras uih weh kalawan patuangan wareg plus gaduh bekel piwuruk ti pun uwa.

Mung sakitu lalampahan dina dinten kalima shaum ramadhan 1430 Hijriah ieu, mugia urang sadayana tiasa ngemakmurkeun bulan puasa tur nambih iman sareng taqwa ka Allah Azza Wazalla. Amiiin.

Sapu nyere pegat simpay
Paturay patepang deui
Peleuleuyan pileueleuyan…

Wilujeng shaum kasadayana, cag.

1 komentar:

  1. ihiy............ materi tatar sunda..........
    seru............ Uwa kita ajaib ya?!!!!!!!!

    BalasHapus