11 Januari 2010

Kesanah Kemari1

kang Andrie tea diajar nyerat ku basa sunda.... haturan:

NGULIKBEK

Karasa deui beuteung ngusial
Cacing pada-pada teu geunah cicing
Peujit kaoyag-oyag beuki karasa
Angin mimiti ngumpul jadi sahiji…..


JANGKIS

Awak lir ibarat tihang nu keur nyorangan
Tulang naronjol hayang kaluar
Angin dodoho raga nu hampang
Taya luang jelema begang….

CEULEUYEU

Panon meletet bangun nu tunduh
Pipi kemong jiga keur huhuitan
Raray pias bangun teu getihan
Ramo nyangsaya na meja kahirupan….

CAMEUH

Baham nu handap bangun cape
Nanggeuy beungeut bet salilana
Gado maju leuwih ti batas
Siga manyun mun keur nyerengehhh……

(ampun paralun bilih ya nu kasuat manah, teu aya maksad awon, mung sakadar tutulisan sabulangbentor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar