09 September 2010

IED MUBARRAK

Assalamualaikum... Wr WB

Seja ngadugikeun salam rawuh panghapunten kasadayana para wargi sareng nu sanes wargi atanapi nu engkena janten wargi..

sarengsena urang sadayana umat muslim saalam dunya ngiringan diklat penjenjangan keimanan salami 30 dinten polllllllll.....

aya waktosna kedah dugikana batas anu parantos tangtos, sisi anu utami tur bade diistrenan pikeun nyangking gelar "taqwa" anu tangtos ijasah anu dapiharep nyaeta kenging predikat 'CUm Lau FITRI" atanapi uih deui kana fitrah urang anu bersih tur wening galih. janten modal urang sadayana pikeun mayunan lengkah kahirupan 11 sasih kapayun sateuacan lebet deui kana diklat penjenjangan keimanan taun payun nu teu acan kantenan bakal kasorang.

Hapunten samudaya kalepatan ka sadaya mahluk nu aya di bumi Allah ieu. oge sadaya pihak anum tos raheut manah ku simkuring boh dihaja atanapi heunteu, oge anu karaos atanapi henteu (kecuali tukang kaossss), rumaos sim kuring sok jail bin iseng tapi suwerrrr teu aya maksad nanaon... istuning jail weee. duka bakat duka resep pokona mah hapuntennnnnnnnnnnnnn.



Kartu Lebaran Umum dan Kartun:














Kartu Lebaran Bahasa Inggris:




supados langkung anteb, simkuring oge nyuplik sababaraha kartu lebaran ti web rerencangan nyaeta ti http://abibakar.blogspot.com/2010/09/kartu-lebaran-1431-h-kartu-lebaran-2010.html#more. haturnuhun pisan kang eh mas eh pa...